Wednesday, April 27, 2016

CERITA NYENET ROKOK KU GELAP..





Aya hiji pamuda anak jawara. manehna nyaritaken kagagahan Bapakna jaman bahela ker jadi jawara. Ayena mah jeung bahela ges beda. Baheula mah bapak kula mun rek ngarokok kamamana jeng dimana mana ogeh tara mawa gas atawa korek api komo bari mawa tihul nu aya senean mah tara jasa. cukup kumawa rokok bae. masalah gas atawa sene etamah gampang cik manehna. Tapi ayena pamuda, aki aki rokok gas, gas rokok, rokok korek api, korek api rokok. dua sejoli anu teu bisa dipisahken ku pamuda, aki atawa ku jalema nu beki ngarokok. Pan bisa kitu bapak kumaneh, gagah amat...! cik babaturan nada tanya jeng heran.

Hayang nyaho sia...cik anak jawara ka babaturanna. Atuh hayang jawab babaturanna. Dengekeun yeuh..! Kula baheula ker leutik keneh leumpang ka sawah jeung bapak kula ka sawah bari jeung hujan gede katambah gelap dordar...sien kacida dina waktu harita. Hujan jeung gelap teu eureun-eureun. ku sabab kami tiris..kami ngiuhan di saung nu biasa menang nyieun bapak kula. 

Dina waktu harita bapak kula arek ngarokok eweh gas, eweh korek api. Kula bingung mikiranan arek make naen eta ngarokok tea. Teu keubeburisat kilat, beledag gelap...langsung rokok dicabut tina bungkusna..diacungkeun ka luhur kana gelap. Edan bapak maneh gagah amat, cik babaturanna. Atuh bapak kula moal bae jadi jawara bapak kula teu kitu-kitu teuing mah, jawabna. Ditanya deui laju kumaha bapak maneh cager, cik babaturanna. Atuh pan bapak kula ges maot. Ges maot....? atuh heeh...Iraha maotna? Atuh harita ngacungken rokok ka luhur ker aya gelap. Atu ka bentar nyaaaah....?!   

0 komentar:

Post a Comment